Rabu, 25 Januari 2023

Sireum jeung Japati

 Aya sireum rek nginum di sisi walungan. Keur ngarayap ka handap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay ka sisi mah


manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, "Tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep. Tulungan!" Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor ka luhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung Barang ngareret ka handap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati


karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.


Song diasongkeun daun teh ka hareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun ku japati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.


Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita ti kajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan.


Tea talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. "Heh japati, buru-buru geura hibeur. Tuh aya paninggaran keur ngintip." Paninggaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.


Isukna, japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati, "Nuhun pisan sakadang sireum. Kuring geus ditulungan ku anjeun leupas tina balai." Jawab sireum, "Ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean."


Sireum jeung Japati

 Aya sireum rek nginum di sisi walungan. Keur ngarayap ka handap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pel...